Thursday, March 31, 2011
Di kampung cipuji aya lalaki nu kasohor kuatna teuing pedah jeger teuing pedah jagona, kasohor na ieu jeger teh nepi ka daerah babakan sijukokak. dedegan nana mah moal nyangka yen ieu jelema teh jeger, tapi mun ningali beungeut na mah pasti langsung katebak yen ieu teh jeger.
dina hiji mangsa, ieu jeger keur nyiar kopi jeung bala-bala, tisasari ieu jeger teh biasana mah moal indit sorangan atuh puguh we nya da biasana ari jeger mah sok loga cacing cau atawa nu katelah dina bahasa ayeuna mah anak buah, teuing buah aromanis teuing buah pisitan.
ieu jeger nu kasohor teh katelahna Bos Hendra, tegep rambutna dikolepaskeun ka kakatuhu mun make kacamata mah pasti pahili jeung nu ngarana pasha (vocalisna band ungu). tah anak buahna teh boga loba sabenerna mah tapi nu bareng nyiar kopi mah nga duaan, nu hiji jangkung ipis jangkotan saeutik mata rada sipit katelahna Jang Oki (rada heuras oge ieu anak buah na), tah nu ieu mah sarua leutikna mah ngan teu jangotan tapi aya kumisan, ceuk sohibna (mang ari) mah kumisna na teh 4 rakaat plus sunah na, kabayang panginten sakumaha kumisna ieu jajaka teh katelahna Otoy surotoy aceuy.
kusabab isuk-isuk arinditna, ieu tiluan teh can kaburu marandi, da sanajan can mandi ge ari kanu ngopi mah euweuh pantangan nana, ayeuna bos hendra nyiar kopi teh kusabab diimah na kopina beak urut bagadang poe kamarina.
Jang oki : bos matakna engke mah mun meuli kopi teh tong nganjuk wae, matakna gancang beak.
Otoy : enya bos, siga kamari malak ka nyi esar ge meni saeutik nyokotna.
Bos : uing mah tara unjak anjuk soki sateh, eta mah meuli ngan duitna ke mun kuring boga duit, jeung kuring mah tara malak komo ka nyi esar mah sararudi teuing, kamari mah bubuhan butuh we matak ka warung nyi esar ge.
Otoy : enya ieu mah bisi we atuh bos, bisi resep ka nyi esar. (bari seuri polos tea geuning)
Bos : naa sotoy lalawora teuing sateh, kuring mendingan ka domba daripada ka nyi esar mah. sudi teuing aing mah. tah si oki nu geus pernah ka nyi esar mah.
Jang oki : kela bos iraha teuing urang kitu bos.
Bos : tah si otoy ge nyaksian harita teh, pan kuirng ge ti si otoy beja teh.
Otoy : harita geuning ki, pas aya bangreng pas hajatan jang uus, nguplek we di handapeun tangkal sinyoh. pan eta teh maneh ki. naaa teu inget harita teh?
Jang oki : aaah harita teh nyi esar kutanteh, pantesan pahang euy sanajan uing geus nginum ge ari kanu kitu mah apal, untung uing teu dituluykeun langsung indit we da teu kuat, nya pahang kesed deuih. tapi mendingan keneh daripada maneh toy.
Otoy : daripada uing? maksudna?
Jang oki : enya daripada maneh kanu hayam we teu ganti-ganti, pantesan hayam mang ari loba endog nu kacingcalang (bari nyerengeh semu ngaledek)
Otoy : eh siah oki, saomong-omong siah, paduli ka hayam ge daripada beuki ka lalaki deui, sudi aing mah ih.
Jang oki : eh siah sotoy (ngahereng)
Otoy : eh siah saha maneh (beuki ngahereng semu dek hitut)
Bos : minggeus-minggeus gandeng siah, titadi ngarobrol nepi kanu hayam sagala mingges siah gandeng. sabenerna ieu dek kamana? tingali ku mararaneh ieu dimana? deuleu!!! ieu apan dek nyiar kopi naha jol na ka astana? ah aing mah, kieu yeuh ari mamawa maraneh teh, ribut jeung gandeng pagaweana na teh.
di senghor ku bos sakitu ge langsung jep we nu duaan teh caricing, sanajan janggot jang oki nyoco, kumis otoy ngagebleg ge ari disenghor ku bos hendra mah langsung murungkut ngadadak ararasup deui ka jero kulitna.
bari semu molotot bos hendra balik deui ka jalan samemehna, ngingkid bari nyinglidkeun calana(naha?)
nyambung deui sanes waktos pamiarsa.....
Sunday, December 19, 2010
kuring jeung aki keur lalajo tipi, rada jempling da maklum geus rada peuting
celetuk teh aya iklan inuman soda"AW"
aki : eta iklan AWEWE? ehm gusti jaman ayeuna meni di iklankeun kieu.
kuring bengong bari semu seuri
incu : naon ki!!??
aki : eta iklan AWEWE..
incu : iklan eta mah sanes awewe hartosna teh ki, tapi ieu mah iklan "AW"
aki : oh.. AWEWE..
incu : sanes... A.... W... AW....
aki : AW
incu : tahhh eta...
aki : jeung bari kudu disingkat sagala atuh nya
incu : ....... ( ngahuleng )

incu : ki, basa kapungkur pan kantos manggung maen dogdog nya?
aki : heueuh, pan basa maneh keur umur 6 tahun aki manggung terakhir, basa di
kawinan uwa kidul
incu : tah ki, basa harita teh pami teu lepat aki nembang nya?
aki : oh enya, da ari ngareog mah kudu sagala bisa.
incu : naha atuh basa di uwa kidul aki teu neruskeun nyanyi pas nyanyi botol kecap
aki teu neruskeun?
aki : eta pan trik
incu : trik naon ki?
aki : trik meh nu lalajo seuri
incu : naha atuh basa harita mah geuning nu nonton caricing
aki : heueuh trik na poho deui, jadi caricing
incu : (celengo bingung)

aki : jang dimana ieu teh?
incu : di pasar ki, pan tadi aki ngajak ka pasar kumaha ari aki teh
aki : naaaa da basa eta mah pasar teh lain kieu
incu : kumaha kitu? sami wae ah, pasar mah ieu. basa eta kumaha kitu?
aki : ah pokona mah lain ieu, salah salah lain jang
incu : ki, pasar ngan ieu hiji-hijina ti saprak kuring lahir ge
aki : heueuh inget aki ge, harita pan maneh lahirna di pasar, tapi pasar mah lain ieu
beda pisan, pas keur maneh lahir mah di pasar teh euwueh mobil jeung nu lain na
incu : euuuh...

Subscribe to:
Comments (Atom)