Sunday, December 19, 2010
kuring jeung aki keur lalajo tipi, rada jempling da maklum geus rada peuting
celetuk teh aya iklan inuman soda"AW"
aki : eta iklan AWEWE? ehm gusti jaman ayeuna meni di iklankeun kieu.
kuring bengong bari semu seuri
incu : naon ki!!??
aki : eta iklan AWEWE..
incu : iklan eta mah sanes awewe hartosna teh ki, tapi ieu mah iklan "AW"
aki : oh.. AWEWE..
incu : sanes... A.... W... AW....
aki : AW
incu : tahhh eta...
aki : jeung bari kudu disingkat sagala atuh nya
incu : ....... ( ngahuleng )

incu : ki, basa kapungkur pan kantos manggung maen dogdog nya?
aki : heueuh, pan basa maneh keur umur 6 tahun aki manggung terakhir, basa di
kawinan uwa kidul
incu : tah ki, basa harita teh pami teu lepat aki nembang nya?
aki : oh enya, da ari ngareog mah kudu sagala bisa.
incu : naha atuh basa di uwa kidul aki teu neruskeun nyanyi pas nyanyi botol kecap
aki teu neruskeun?
aki : eta pan trik
incu : trik naon ki?
aki : trik meh nu lalajo seuri
incu : naha atuh basa harita mah geuning nu nonton caricing
aki : heueuh trik na poho deui, jadi caricing
incu : (celengo bingung)

aki : jang dimana ieu teh?
incu : di pasar ki, pan tadi aki ngajak ka pasar kumaha ari aki teh
aki : naaaa da basa eta mah pasar teh lain kieu
incu : kumaha kitu? sami wae ah, pasar mah ieu. basa eta kumaha kitu?
aki : ah pokona mah lain ieu, salah salah lain jang
incu : ki, pasar ngan ieu hiji-hijina ti saprak kuring lahir ge
aki : heueuh inget aki ge, harita pan maneh lahirna di pasar, tapi pasar mah lain ieu
beda pisan, pas keur maneh lahir mah di pasar teh euwueh mobil jeung nu lain na
incu : euuuh...

aki : jang....jang....kadieu geura, enggal kasep
incu : (tuturubun) muhun, sakedap ki.
aya naon ki?
aki : keur naon?
incu : nimba ki, kunaon kitu?
aki : ari ujang apal toko helikopter?
incu : (semu bingung) toko helikopter? duka atuh ki, pami toko mebel mah apal,
nu di kecamatan, tapi duka ngical duka henteu.
aki : euh, suganteh apal.
incu : naha bet ujug-ujug naroskeun toko helikopter sagala
awis ki, jeung barinage kangge naon atuh, mahal!!! asa ngalindur hoyong meser sagala
aki : nya pan ujang mah ngora keneh, kudu apal kanu kitu
incu : teu ka emutan kedah apal kanu kitu mah
aki : yeeeh...jadi engke mun aki nanya dimana toko helikopter, ujang bisa ngajawab
incu : muhun ki, enjing urang taroskeun ka pa guru
aki : geus entong, bae teu kudu nanyakeun sagala
incu : naha? pan engke pami aki naros ujang tiasa ngajawab
aki : aki geus nanya kamari, teu apaleun cenah
incu : oh, tapi ari aki naha bet ujug-ujug naroskeun toko helikopter?
aki : ah...hayang nyaho we, euweuh urusan dek meuli atawa heunteu mah (bari suruput nginum
cikopi)
incu : euuh....suganteh naon(bari ngaleos)

aki : jang, apal jeung wawuh kabeh warga sa desa ieu?
incu : sapantaran mah apal, nya nu sok mengbal sareng nu sok ameng ka bumi mah
aki : mun aki mah wawuh kabeh, jeung mun ditanya ge pasti ngajarawab
incu : nya wajar atuh ki da aki mah tos janten sesepuh di desa ieu pan
aki : heueuh bener pisan
incu : saratus atuh ki?
aki : tah pek, jung jajan kaditu

Sunday, October 10, 2010
disajajalaneun
batur1 : ki, bade angkat kamana?
aki : yeh bade kadieu we.. kamana yi?
batur1 : bade ka sawah
aki : enya tuh
batur1 : mangga ki
aki : heug
teu kungsi lila
batur2 : kamana ki....meni tanginas
aki : yeh bade kadieu we.. kamana yi?
batur2 : bade ka bale aya peryogi sareng pa ulis
aki : enya tuh
batur2 : ti payun ki ah
aki : heug
teu kungsi lila deui

Subscribe to:
Comments (Atom)