Sunday, December 19, 2010
kuring jeung aki keur lalajo tipi, rada jempling da maklum geus rada peuting
celetuk teh aya iklan inuman soda"AW"
aki : eta iklan AWEWE? ehm gusti jaman ayeuna meni di iklankeun kieu.
kuring bengong bari semu seuri
incu : naon ki!!??
aki : eta iklan AWEWE..
incu : iklan eta mah sanes awewe hartosna teh ki, tapi ieu mah iklan "AW"
aki : oh.. AWEWE..
incu : sanes... A.... W... AW....
aki : AW
incu : tahhh eta...
aki : jeung bari kudu disingkat sagala atuh nya
incu : ....... ( ngahuleng )