Sunday, October 10, 2010

disajajalaneun
batur1 : ki, bade angkat kamana?
aki      : yeh bade kadieu we.. kamana yi?
batur1 : bade ka sawah
aki      : enya tuh
batur1 : mangga ki
aki      : heug
teu kungsi lila
batur2 : kamana ki....meni tanginas
aki      : yeh bade kadieu we.. kamana yi?
batur2 : bade ka bale aya peryogi sareng pa ulis
aki      : enya tuh
batur2 : ti payun ki ah
aki      : heug
teu kungsi lila deui

batur3 : ki, kamana? (bari noel ti tukang)
aki      : yeh..... bade kadieu we.. dek kamana yi?
batur3 : bade ka cigumiwang, neang kebon nu pa haji iling
aki      : enya tuh
batur3 : nya ti payun atuh ari kitu mah, mangga ki
aki      : heug
pas di balong
incu : ki, tadi ujang asa aneh, naha ti tadi pas ngajawab nu nanya ti kang danu, kang ana,  
         jeung a asep. naha asa ngajawab teh sami wae, kitu2 keneh.
aki   : maksudna?
incu : di tanya bade kamana jawabna kadieu, naha teu nyarios ka balong we kitu
aki   : ah, naha bet kudu ngajelaskeun kudu kamana sagala, da geus ngartieun atuh
incu : naha bet tiasa kitu?
aki   : ari eta titadi mamanggul sirib samarukna dek ngala kalapa? atawa dek ngaseuk kitu?
incu : oh enya nya, he....(semu eh lain semu deui era pisan ketang)

0 comments: