Thursday, October 14, 2010
aki : jang....jang....kadieu geura, enggal kasep
incu : (tuturubun) muhun, sakedap ki.
          aya naon ki?
aki   : keur naon?
incu : nimba ki, kunaon kitu?
aki   : ari ujang apal toko helikopter?
incu : (semu bingung) toko helikopter? duka atuh ki, pami toko mebel mah apal,
         nu di kecamatan, tapi duka ngical duka henteu.
aki   : euh, suganteh apal.
incu : naha bet ujug-ujug naroskeun toko helikopter sagala
        awis ki, jeung barinage kangge naon atuh, mahal!!! asa ngalindur hoyong meser sagala
aki   : nya pan ujang mah ngora keneh, kudu apal kanu kitu
incu : teu ka emutan kedah apal kanu kitu mah
aki   : yeeeh...jadi engke mun aki nanya dimana toko helikopter, ujang bisa ngajawab
incu : muhun ki, enjing urang taroskeun ka pa guru
aki   : geus entong, bae teu kudu nanyakeun sagala
incu : naha? pan engke pami aki naros ujang tiasa ngajawab
aki   : aki geus nanya kamari, teu apaleun cenah
incu : oh, tapi ari aki naha bet ujug-ujug naroskeun toko helikopter?
aki   : ah...hayang nyaho we, euweuh urusan dek meuli atawa heunteu mah (bari suruput nginum 
        cikopi)
incu : euuh....suganteh naon(bari ngaleos)

0 comments: